Masih Proses, Mohon Sabar :D

Jumat, 06 Januari 2012

Pantun jeung Sisindiran Sunda



kini kini kuang kuang
geutok geutok peupeundeyan
nini nini keur mendeyang
di bekok peperedeyan....

Aya roda na tanjakan
katinggang ku pangpung jengkol
aya randa gogoakan
katinggang ku hulu.....???
**moal pipilueun nu ieu mh ah....

itu gunung,ieu gunung..
gunungna gunung arjuna
itu pundung,ieu pundung
pundungna bet 2nana.

"kieu euy ari nyandung teh"heuuu

mencit meri dina rakit...
boboko wadah bakatul..
lain nyeri ku panyakit...
dina bujur aya bisul...
**edisi curhat...

Jka masih gelap Shalatlah . . . 
Jka masih tetap gelap maka bangunlah
tengah malam dan Tahajudlah . . . .
Jka masih juga gelap,maka dekatilah org tuamu
dan ciumlah tangannya dan lalu katakanlah :
"EMA isukan mayar Listrik nyak meh caang"

buah takokak...buah takekok...
ari hayang kanu montok...
ari meunan na nu dekok...
...wilujeng dekok lurd...

pondok nyogok..
panjang nyugak..
sanes teu hoyong mondok
paur sieun kacabak

boneka cantik,dari india,
sangu saeutik,ku sarerea,,
bonekacantik,dari mekah,
najan saeutik,nu pnting berkah...

bersatukita teguh,bercerai kita runtuh,
rumasajalmi teu gaduh,hirup ge mun jd buruh..

ngadenge adan lohor
waktuna sholat lohor
kade gera solat tong molor
bisi disebut jelema sakalor

wilujeng solat lohor...

0 komentar:

Posting Komentar

Silahkan berkomentar, Bebas Tapi Sopan. (^_^)

 
;